Pamanahrasa nurut, bari usad-esod, diukna ngeser ka palebah amparan gigireun Syeh Ahmad. Luk tungkul murungkut jiga kuuk.
Santri-santri nu geus rengse dahargna, loba nu kalaluar ti jero masjid. Nu kamerekaan, gura-giru muru walungan. Di jero masjid katempo rada corengcang.
Nyai Subanglarang imeut nalingakeun lalki anyar pinanggih nu diuk gigireun Syeh Ahmad. Sobat kitu, Pamanahrasa nyengkatkeun tungkulna. Prok paadu teuteup jeung Nyai Subanglarang. Seblak! Aya nu nyeblak na angen-angen Nyai Subanglarang, bareng jeung nyeblakna Pamanahrasa.